Syairan Santri Salafi - Lirik Cinta Dalam Diam

Syairan Santri Salafi -  Lirik Cinta Dalam Diam



Asih kaula ka anjeun
Kapatri na jero ati
Ngagungkeun kula ka anjeun
Asli tina sanubari

Ngan teu bisa kula jujur
Lewat kata nu ditutur
Sabab yeu awak sakujur
Bingahna henteu kaukur

Kur bisa malingkeun hate
Sadar diri jeung malire
Abdi mah saukur istri
Nu henteu gaduh pangarti

Tapi deras ngahujanan
Cai soca ngareclakan
Rasa hayang berhubungan
Tebih tina kanyataan

Ngaliputan hate kula
Minuhan daya fikirna
Mun anjeun apal cintana
Moal bisa ngabalesna

Saat cinta menghadiri
Melukis indah dihati
Anjeun selalu kunanti
Anjeun slalu kusukai

Awal tina perkenalan
Tos karaos perbentenan
Anjeun beda jeung nu lian
Anjeun menarik prasaan

Indah jika dilukiskan
Pertemuan mengesankan
Sakit jika dilupakan
Terlalu indah dikenang

Rasa ngan sakur na dada
Teu wasa nembongkeun nana
Sabab dirimah rumasa
Taya arti keur dirina

lain diri henteu mampu
meugatkeun ieu beleunggu
Tapi apalah dayaku
Anjeunna pun teu ngadangu

Kacatur sosok idaman
Loba mojang ngadeukeutan
Beuki lila yeu prasaan
Karasana ngarootan

Dipikir asa teu mungkin
abdi anu sangat ingin
sedeung anjeun sangat dingin
Lir alif elam jeung tanwin

Maksud ati meluk gunung
Teu daya tangan teu wasa
kahayang jadi mereunung
anjeunna lila pekana

tisaprak waktos ayeuna
abdi liren ngarepkeunna
cinta anu dipendemna
karasa nage percuma

ngan anggeur na jero dada
mung aya nami anjeunna
atuh sugan ku lilana
Anjeun bisa ngarasana

Duh gusti nu maha asih
paparin abdi kekasih
nu ku abdi dipiasih
sareng anjeunna ge ngasih

Tidak ada komentar untuk "Syairan Santri Salafi - Lirik Cinta Dalam Diam"